Cari Blog Ini

Laman

Sabtu, 29 Mei 2010

PADOMAN HIRUP MANUSA SUPAYA HIRUP TENGTREM TUR AYEM DI DUNYA JEUNG DI AHERAT

كئاء حاج محمدسراج بن كئاءحاج محمدأشعاري
غفرالله لهماونفعنابعلومهماوأمدنابأسرارهما

1. Kudu cukup ku elmu keur di dunya jeung di aherat.
2. Kudu ibadah ka Allah.
3. Kudu nuturkeun laku Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
4. Kudu taat ka Pamarentah.
5. Kudu hormat ka Ibu – Rama.
6. Kudu tunduk ka guru.
7. Kudu someah ka semah – semah.
8. Kudu hormat ka karabat jeung ka sobat.
9. Kudu balaba ka tatangga.
10. Ka nu susah kudu nyaah.
11. Ka nu bingung kudu nulung.
12. Ka nu miskin ulah milain mun bisa kudu misalin.
13. Ka nu beunghar ulah nyakar.
14. Ka nu bodo kudu mere conto.
15. Ka nu pinter kudu menta dianteur.
16. Kudu daek ngaji ka Kiayi.
17. Hirup kerep karep.



KASAMPURNAAN MANUSA

1. BENER : Ulah ngalampahkeun kasalahan jeung kajahatan anu dianggap salah ku nagara tur agama.
2. BAGEUR : Ngahormat ka saluhureun mikanyaah ka sahandapeun.
3. ADIL : Ulah sok maliding sanak.
4. HIDENG : Kana rupa – rupa kahadean, ulah kudu dikekeprak batur.


SYARAT NGAHONTAL CITA – CITA ANU MULYA
DI DUNYA JEUNG DI AHERAT

1. BENER : Ulah sok salah, sagala kudu make elmuna
2. WEKEL : Sing segut, soson - soson
3. JUJUR : Ulah bosenan
4. SABAR : Tahan uji
5. TAWEKAL : Nyalindung ka Allah
6. IKHLAS : Suci manah

http://smaalbidayah99.blogspot.com/
Ensiklopedia Quran: http://smaalbidayah.blogspot.com/